Situ Bagendit
Assalamualaikum
wr.wb
Sugri acining asih nu
nyaliksik dina ati, urang sanggakeun ka Gusti Allah Nu Maha Welas tur Maha
Asih. Tawis simkuring tasyakur bini’mah ka mantena anu parantos maparin
kakiatan sareng kamampuhan ka urang sadayana, khususna ka simkuring dugi ka
tiasa ngadeg dipayuneun hadirin.
Girang pangajen anu ku
simkuring dipihormat, bapa kalih ibu juri oge teu kakantun malih rerencangan
anu ku simkuring di pikacinta. Simkuring wawakil ti SDN Wanaraja 1, seja ngadugikeun
salah sawios kaparigelan Basa Sunda nyaeta mangrupi dongeng anu kalebet kana
Apresiasi Sastra Sunda.
Girang pangajen anu ku
simkuring dipihormat dupi dongeng anu bade kasanggakeun nyaeta “Sasakala Situ
Bagendit”
Di Kabupaten Garut the aya
hiji situ anu caina canembrang herang. Eta situ teh ngaranna Situ Bagendit,
perenahna di kalereun Kota Garut. Ayeuna eta situ teh jadi tempat pangulinan
barudak anu ngadon lalayaran make rakit.
Ceuk carita, Situ Bagendit
teh aya sasakalana. Baheula mah cenah Situ Bagendit teh mangrupa hiji sumur nu
aya di tengah lembur. Tah, ku lantaran aya kajadian anu matak aheng, eta sumur
teh ganti jirim jadi situ anu nyaremkeun lembur katut pangeusina. Ari
sasakalana mah kieu.
Di hiuji lembur aya sumur
bogana awewe ngora anu kacida beungharna. Abong jalma kaya, pakayana teh
estuning loba pisan. Ti mimiti ingon-ingonan, saperti embe, domba, munding,
kuda, jeung sapi kabeh aya. Atuh kebon, balong, jeung sawahna oge mani
upluk-aplak. Ari imahna, di lembur eta mah taya bandingna. Wangunanana
dilotengkeun mani tohaga, da tihang-tihangna oge kabeh tina kai mala.
Sakurilingeun imah dikubeng ku pager awi, mani mani sababaraha lapis. Hanjakal
eta awewe teh kacida koret. Unggal aya tatanggana anu ngadon nguyang beas atawa
pare, batan dibere majah ditundung bari
jeung dicarekan laklak dasar. Loba pisan jalma di eta lembur anu nyerieun
hatena ku ku awewe beunghar teh. Ku sabab kacida peditna, eta awewe teh ku
urang lembur dilandi jadi Bagenda Endit.
Hiji mangsa ka buruan imah
Bagenda Endit aya anu asup, nyaeta hiji aki-aki tukang baramaen. Eta aki-aki
teh leumpang ngadeukeutan sumur bogana Bagenda Endit tea. Tapi barang rek
nimba, torojol Bagenda Endit bari
tutunjuk.
“Hey, tukang baramaen! Naha maneh make kumawani
maling cai sumur anu kami?” Ka ditu nyingkah sing jauh ti imah kami?” pokna.
Aki-aki tea ngalieuk, ari
leungeunna teu tulus nyekel tali timbaan. Manehna mani ngadegdeg nenjo Bagenda
Endit poporongos bari
tutunjuk kitu teh.
“Aduh, Enden! Aki the tos
teu kiathayang nginum! Mugi-mugi bae Enden kersa masihan cai saregoteun mah!”
cek aki-aki bari
acong-acongan nyembah.
Ti batan dibere mah eta
aki-aki tteh kalah ditajongan ku Bagenda Endit. Tapi aneh, sakitu ditajongan
satekerna eta aki-aki teh siga anu henteu nyerieun. Bagenda Endit beuki keuheuleun pisan Kop nyokot
halu anu nanggeuh dina bilik. Habek-habek, aki-aki teh diteunggeulan ku halu.
Tapi, tetep bae aki-aki teu kua-kieu, malah henteu ngageser-geser acan. Ku
sabab hayoh bae diperekpek diteunggeulan ku halu, antukna aki-aki teh nangtung
bari nyarita kieu.
“Hey, Endit! Anjeun the kacida telengesna ka kami!
Sabenerna kami lain baramaen anu butuh ku cai sumur, tapi kami rek nguji
anjeun. Tetela geuning, anjeun teh jalma anu pohara pedit jeung taya rasrasan
pisan. Ku lantaran kitu, anjeun bakal meunang hukuman anu pohara beuratna!”
ceuk aki-aki bari nunjukkeun curukna kana sumur tea.
Rerencangan sadayana anu ku simkuring dpikacinta,
mung sakitu kamampuan ti simkuring dina ngadongeng pamungkas catur ti
simkuring. Mudah-mudahan bae ku urang tiasa ngawengku kana kaparigelan
ngadongeng ieu anu muwuhkeun sikep tur resep kana basa sastra Sunda.
Wassalam.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar