Narasi
Baeu anaking, deudeuh
teuing sugan teh lain kitu pamaksudan.
Samemeh ibu jeung mamah amanat ka hidep, ibu jeung
mamah menta kasaksi ku kadang wargi katungkulan ku baraya nu biasa oge
dulur-dulur anu matuh.
Anaking
jimat ibu, mun diukur ku gunung moal aya kabungah ibu ayeuna, pangguar rasa,
merelena eusi hate hidep nu dipedar bieu, ku ibu katarima pisan disuhun dina
embun-embunan ditampi kuasta kalih, reueus, bagja, deudeuh nu taya papadana.
Anaking bener
pisan caritaan hidep the, ati moal
mungkir rasa narima pisan, mungguh mahluk, waruga jalma kumelendang di alam
pawenangan ieu dirarangkenan ku dua rupa perkara anu teu weleh papasangan,
antara salah jeung bener antara hade jeung goring, pamustungannana babanding nu
dipimilik ku diri urang gumantung niat jeung hate urang sorangan.
Hidep mangrupi hiji
jirim diri nu ngarandapan, Ibu bagja, bungah amar watasuta.
Anaking puputan ati
perkara rasa tumarima jeung pamenta hidep sangkan bapa ngahampura, bapa kacida
kagagasna, teu sangka hidep geus bisa nembongkeun hiji ciri yen jalma kudu boga
rasa tumarima, rasa rumasa beh dituna rasa tumarima kanu Maha Kawasa, sing gede
hate anaking tong boro dipenta dalah dina henteuna pisan ku bapa moal burung
dihampura, caang bula opat welas jalan gede sasapuan clik putih clak herang,
ngan sawangsulna bapa salila hidep nutur waktu milang kori mapay kahirupan teu
bisa nyugemakeun kanu jadi anak. Hampura anaking ! Sakali deui hampura.
Eneng, Asep Anak ibu,
Anaking, itung-itung sosonoan nutur catur mungkas carita ibu rek wakca balaka
ngedalkeun kabungah, rasa sasieureun sabeunyeureun, sakeprul bakatuleun, malah
mandar manfaat keur hidep geusan alaeun jaga
Eneng, Asep Bapa seja wawadi ka hidep omat bisi lilir
pikir nyasar lampah ulah leah gancang nyingkah antukna sok tiwas, sing pageuh
mideudeuh ka deungeun, sing asih kasasama, sing gilig dina ati, sing tetela
manjing rasa, jauh ditumbu ku umur anggang digantaran nyawa, Jauh mo burung
cunduk anggang mo pasti kateang, ulah waas ku mangsa, ulah lilir ku wanci,
najan lara tumekaning pati puput umur nepi ka kubur, omat hidep ulah jadi cara
ka jalan tapi kudu carang ka jalan, ulah kurang akal pedah paanggang ulah
leutik pikir pedah patebih. Omat bisi tambelar ka baraya, poho ka purwadaksi,
sing inget nu ngajadikeun lantaran ge4larna hidep ka lam dunya. Indung
tunggulna rahayu bapa tangkalna darajat.
Anaking, jimat awaking bral hidep diandung ku pangestu di
jajap ku pangdu’a dina enggoning ngambah sagara kahirupan, sagara rumah tangga
sing panggih jeung kabagjaan.
Anaking ! Cag sakieu heula, Hampura bapa, bral geura
miang du’a bapa marengan hidep !
Tidak ada komentar:
Posting Komentar