Senin, 26 November 2012

NASKAH SIRAMAN


SIRAMAN CALON PANGANTEN

           

ENDEN LINDA NOVIANTY ARZANI ZAELANI

 



Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh
Puji sinareng syukur mangga urang sami-sami panjatkeun ka Dzat Illahi Robbi anu parantos nakdirkeun ka Urang sadayana kempel dina ieu acara siraman  Neng Enden Linda
Anu dina dinten enjing manawi pareng Gusti alloh bade ngalaksanakeun walimatul Nikah.
Shalawat sareng salam mugia tetep dilimpahkeun kajunjunan urang sadayana Nyatana Habibana wanabinaya Muhammad Rosullulloh Saw. Teu kakantun ka para kulawargana para sohabatna ka para pengikutna anu tumut sareng taat kana ajaran mantena tug dugi ka urang sadayana sing dicatet umat mantena anu balukarna engke di yaumal akhir kenging syapaat sareng pertolongan mantena. Amin Ya Robbal Alamin.

I.                   Kawih ( Hamdan)

Hamdan lirobbil’alamin
Allohurrohman Warrohim
Qod qorobba fatul mubin
Innahu huwassami’ul alim

Fuji kagungan Pangeran
Nu maha welas tur heman
Gusti, mangka muka pura bagja
Allohu Ya Robbi,
Mantena Maha Uninga

Solawat-Solawatan
Barokat-Barokatan
‘ala Muhammad Rosululloh

                        Wa’alaa alihi Wasohbihi


Salam sinareng solawat
Muga netes ka Muhamma
Natrat ka para karabat
Para ahli jeung sarobat

II   Mapag Calon Panganten Istri

( Calon panganten dipapag Ku dua sepuhna saterasna dicalikkeun dina korsi panganten kalayan diaping ku dua sepuhna)

Narasi Pameget


Asa kakara kamari, hidep gumelar ka alam pawenangan. Moal lawas dina tungtung sawangan. Harita, basa wanci keur meujeuhna cangra, taun 1990 Masehi katompernakeun. Ecesna bulan  Januari .poe ka 3  Nya harita pisan hidep mimiti ngagoar ilaharna hiji jabang bayi anu anyar gelar, duka ngarasa reuwas atawa awahing ku bungah, hidep nyorang hiji alam anu samemehna can kungsi kasaba. Hidep dibageakeun ku rasa kabungah anu taya papadana. Bungah kagiri-giri, bungah amar watasuta, bungah nu teu aya babandingannana.

Anaking jimat awaking, pamohalan nepi ka lali, barang gubrag oge, aweuhan adan jeung qomat, langsung ditompokeun kana dua cepil hidep. Angkanan teh hidep isuk jaganing geto baris jadi istri anu soleh, kalayan pageuh nyepeng ajaran agama tur darigama. Cindekna hidep sing jadi istri raspati, kalayan mibanda kajembaran manah, kaleubeutan hate, sangkan naon rupa papasten anu tumiba teh luyu sareng kereteg ciptaning ati.

Nepi ka detik ayeuna, umur hidep teh kurang leuwih 21 taun, 297 poe, 5 jam 24 menit, 17 detik. Aya hiliwir ti angin peuting, aya beja ti munara cahya, aya balabar kawat ti marcapada. Cenah hidep rek mapag hariring dangding nu keur meujeuhna sumedeng nyanding, rek mapag haleuang sora nu ayeuna geus dipiboga. Hidep geus katewak jamparing asih tur kaheman nu ngadadak nalaktak sukma. Hidep rek ngalenkah kalayan mawa harepan endah. Atuh nya tangtu, bagja dina ranggeuman rema, bungah na seuseup deudeuh. Sapanjang lengkah pikahareupeun, kasawang pinuh jukut ngemploh hejo, ngembat lir alketip buludru, nu bakal nilaman suku tina cucuk. Katumbiri nu melengkung di langit cangra, mayungan katresna, ngaraketkeun duriat, beureum, hejo, koneng, gandola, murub mubyar nyawer tali asih.

Narasi Istri
Barang gelar ka alam dunya, hidep gasik ku mamah dirungrum pinuh   kadeudeuh. Deudeuh anaking, jabang bayi anu masih keneh beureum ku dadami, enggal dirawu, dipangku kalayan pinuh kabingahan.Asa sirna kacape mamah ngakandung hidep salami salapan sasih, basa ningali hidep lahir kalawan sehat, sarta mulus rahayu berkah salamet

Kiwari hidep parantos ageung, pangdunga mamah sareng bapa, nelengneng-gung, nelengneng-gung, geura gede , geura jangkung, geura nyangking elmu nu luhung, geura mikanyaah indung.


II.                Ngumbah Sampean Ibu
( Gambaran rasa hormat hiji putra kanu  janten ibu, naha bet ka ibu heula ? hal ieu oge diluyukeun sareng tungtunan ajaran Islam. Dina hiji riwayat. Kantos aya sohabat anu tumaros ka Nabi Muhammad SAW: Yaa Rosululloh, man ahaqu bihusni sohabat? Rosululloh SAW ngawaler teh apan tuang ibu heula, dugi ka tilu kali. Teras anu ka opatna, nembe tuang rama.) saparantos ngumbah, dielapan, tug dugi nyuhunkeun dihapunten nyium panangan sareng sampean ibu

Narasi Istri

Anaking jimat awaking, sok hidep geura sungkem ka tuang ibu, anu parantos ngandung. Pek hidep geura mundut sihapunten tina samudaya kalepatan, Mugi balungbang timur, caang bulan opatwelas, jalan gede sasapuan. Da upami tea mah hidep bade ngawangsulkeun cai pinarep nu tuang ibu, tangtos moal kadugi. Hidep oge nyuhunkeun pidu’ana ti tuang ibu, dina dinten enjing bade nyorang jatukrami.
Ibu abdi seja kumawantun, neda ampun nyaparalun, mun tea diemut ku abdi, salapan sasih ibu ngakandung abdi, gubrag kaalam dunya teu lepas tina pangaping, pangjaring ibu, gentel keak ngurus abdi, teu siangna teu wengina, dugi ka abdi dewasa, namung naon atuh nu tiasa dihaturkeun ka ibu ku abdi iwal ti neda dihapunten tina sagala rereged ku kungsi karandapan ku abdi, neda agung cukup lumur nedahapuntenna, abdi rumaos mung matak ngajaheutkeun manah salira ibu, rumaos janten putra anu teu ngabakti kanu janten ibu, danget ieu abdi neda du’ana mudah-mudahan abdi tinekanan.


III.             Ngumbah Sampean Rama
(Ngumbah sampean rama dielapan dipungkas ku neda dihapunten bari nyium panangan sareng sampean tuang rama)


Narasi ( Mangrupi hiji sajak )

Bapa
Jog-jog anjog ka golodog
Nyampeurkeun lunjaran kolot
Nuruban bangbarung
Sangkan henteu lali ka Hyang Widi
Bapa,
Basa tikukur ngelik,
Lawang sigotaka muka
Carita naratas bewara.
Aya beja ti awing-awang,
Sanghyang medar lalakon
Bapa, kuring moal poho,
Kana sora puter jeung dederuk
Nu nitah wirid ka Nu Maha Agung
Bengrasna sanghyang beurang,
Nitah sumujud ka Nu  Kawasa
Panakon manuk,
Nuruban samak anyam-anyaman
Widian kuring leumpang,
Rek ngukur sora tikukur,
Rek ngalenyepan sora dederuk,

Bapa, kuring sumujud



IV.             Nyiraman Calon Panganten

(Ieu acara puncak, Calon panganten dijajap ka tempat siraman anu tos disiapkeun sapuratina. Cai dina genrong, minangka cai anu leubeut ku pangdu’a, diguyurkeun ku ibuna, ramana, wargi-wargi, tug dugi ka anu mikadeudeuh ka neng….. Ahirna Calon panganten teh wudlu ku eta cai. Eces pisan budaya sunda diluyukeun sareng ajaran Islam )

V.                Du’a
( Acara siraman parantos tuntas dipungkas ku du’a)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar