23
nov 2011
Khutbah Nikah Bahasa Sunda
Puji anu jadi panghias ati, Fuja anu jadi
panghias rasa, Fuji urang sungkeun ka Gusti nu maha suci nyaeta Alloh Robbul
Izzati, fuja urang sanggakeun kanu maha kawasa nyaeta Alloh Azza Wazalla,anu
mana nitih wanci anu mustari ninggang dina mangsa anu lugina,taqdir tetiasa
dipungkir Qadar teutiasa di singlar urang sadayana dina wengi nu ayeuna tiasa
riung mungpulung patepung lawung paamprok jenghok, pateupang wajah dina haflah
mubarokah nu mudah-mudahan ieu riungan sing di janteunkeun ku Alloh,sing
dicatetnkeun dina hiji kasaean kin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin……
Teu hilap solawat
siraneung salam mugia sing dikocorkeun, dikucurkeun, oge di kecerkeun ka
jungjunan urang sadayana anu pang nyongcolangna sa alam marca pada ya’ni
Habibana, wanabiyana Muhammad SAW. oge kulawargina, shoabatna tabi’in sareng
tabi’atna tug dugi ka urang sadayana anu hadir dina ieu tempat mudah-mudahan
kenging syafa’atna kin di yaumal Qiyamah.
Amiin ya Alloh ya
robbal ‘Alamin……
Para hadirin
rohimakumulloh..!
Sateacana simkuring
ngabahas masalah anu aya patula-patali, pakuat- pakait dugika pajeujeutna jeng
masalah nikah mangga urang leuyeupan heula dauhan Alloh dina al-Qur’an anu
unggelna :
“jeng geus nyiptakeun
kami ka maraneh kabeh barina sa jodo-sajodo”
Tegesnamah aya langit
aya bumi, aya beurang aya peuting, aya caang aya poek, aya jangkung aya pendek
aya mancung aya pesek, nyakitu deui aya lalaki aya awewe. Intinamah Alloh
nyiptakeun ka makhlukna teh pasang-pasangan, dua-dua.Bahkan jikalau kita
tela’ah organ tubuh urang oge namina teh dua-dua. Anu pang hanapna namina
ku…ku..naek kaluhur namina ping…ping, tatangga ping-ping namina tit…tit naek
deui kaluhur namina da…da…, tatangga da-da namina su..su… luhureun susu namina
tak…tak… naek deui kaluhur namina pi…pi… tah ieu nu terahir (bari nunjuk kana
tarang) namina nong…nong..
jadi atu tetela pisan
yen Alloh nyptakeun makhlukna teh sajodo-sajodo,
pasang-pasangan,
dua-dua, dugina ka nami-namina
Hadirin
rohimakumulloh...!”
Lamun urang ngabahas
nikah minimalna bakal aya opat pertarosan.
1. Naon ngaran
nikah..?
2. Saha anu kudu
nikah...?
3. Kasaha kudu
nikah,,,?
4. Naon bae
langkah-langkah saba’da nikah...?
Maka ieu khutbah ku
simkuring dibagi jadi opat babak tidak besambung
Babak kahiji : naon
ari ngaran nikah ?
jawab : anu mana ngaran nikah teh mun ceuk bahasa santrimah
ta’rif nikah mun ceuk nusakola mah definisi nikah ?
Definisi ieu ka bagi
dua :
1. Secara Ethimologi
(lughowi)
2. Secara Terminologi
(istilah)
Para hadirin
rohimakumulloh....!”
Nikah secara Lughowi
tos ka uninga kusadayana dina kitab-kitab fiqih nyaeta :
“kadar-kadar kumpul”
Ngaran nikah secara
istilah nyaeta :
Tapi saur pamuda mah
nikah teh singkatan tina Nun (Ni’mat) Kaf (Karasa) Ha (Haneut).
Jadi nikah teh atuh singkatan tina ni’mat karasa haneut.
Tapi saur sepuhmah :
Nun (Ni’mat)... kitu oge ceunah... cek bapana budak.
Da anu sing jareuntul
didieu oge tina hasilna tina nikmatna nikah, da niat mah da lain nyieun anak
tapi nyieun enak. Lereus............!”
Sakumaha ceuk Qo’idah
:
“ Nikmat dunya
sadayana aya tilu
Nyabak nyieun
ngasupkeun anu ngabeuntelu “
Tapi eta ni 'mat nikah
teh ngan dua rebo kaditunamah deudeuieun saba’da ni’mat timbul nu kadua nyaeta
Kaf (Karohah) hartosna pikangewaeun, pikasebeleun da ningali pamajikan resep
soteh keur panganten anyar, ningali pamajikan teh jiga Shopia Laurent, jiga
Lidia Kandau, jiga Krisdayanti, tapi lamun geus bereset budak tilu beulas mah,
komo lamun ker gendut, ningali pamajikan jiga buntelan, keur panganten
anyarmah, ningali pamajikan teh di teuteup ti hareup sieup, disawang titukang
kenjang ditilik ti gigir leunggik, tapi ges bereset budak tilu belasmah beda
deui bahasana. Di teuteup ti hareup jiga keyeup, disawang titukang jiga hurang,
ditilik ti gigir jiga langgir di ukur tiluhur jiga undur-undur, diragap tihanap
jiga hap-hap, tah ieu anu disebut Karohah teh tegesna pikangewaeun.
Salajeungna timbul nu
katilu nyaeta Ha, ieu mah aya dua alternatif. Lamun nyanghareupan
Karohah...lulus, maka Ha na teh hasanah teugeusna keluarga anu Mawadah Warohmah
tur Sakinah (keluarga anu didasaran ku cinta jeng kasih sayang), tapi lamun
nyanghareupan Karophah hanteu lulus maka Ha na teh Hazanah (keluarga nu awet
rajet) anu didasaran kurasa egois jeng emosi.
Mudah-mudahan ieu
panganten sing kalebeut keluwarga anu Mawadah Warohmah. Amiiin......!”
Hadirin
rohimakumulloh...!”
Babak anu kadua nyaeta
saha anu kudu nikah teh? Waleranana pidawuh rosul :
“wahai para pemuda
…sing saha jalma anu geus sanggup di antara anjeun kabeh kana mere
nafkah(dzohir batin) maka pek geura nikah”
Dina ieu hadist, rosul
ngahimbau ka para pemuda, anu geus memasuki masa fuber, mun ceuk bahasa Indiana
mah beuger eta mah rek si fery, si frengki, si jacky, kecuali aki-aki, anu geus
sanggup nganafkahan dzohir jeng batin tegesna mah geus bisa
maraban biwir luhur
jeung handap maka pek geura narikah.
Atuh pemuda anu ngan
saukur rambut gondrong kerjaan nongkrong, bujal bodong hobi nampang tapi jajan
ngutang, eta mah teu acan ka leubeut hadist rosul anu bieu.
Babak katilu : ka saha
kudu nikah teh?
Walerannana nyaeta
pidawuh Allah dina Al-Qur’an.
“ Maka kudu narikah
maraneh kabeh kanu di pikacinta ku maraneh kabeh”
Dina ieu ayat Alloh
marentah nikah teh kanu di pikacinta lain kanu geulis, lamun Alloh marentah
nikah kanu geulis, maka awewe anu peunteun 3 ½ keur saha? jeung lamun Alloh
marentah nikah kudu kanu kasep simkuring saha layanna. Tapi perlu kita garis
bawahi anu di maksud ku geulis didie teh lain geulis ceuk si Mamat anu di ukur
ku syahwat, tapi geulis mungguh Agama nyaeta anu dan din dun (pinteur dan-dan)
din (alus agamana) dun (alus dunyana) lain anu dat dit dut.(goring adat) dit
(pedit) dut (siga badut samutut ari jeung hitut) ngan eta anu dan din dun teh
langka pisan di zaman kiwari mah tapi euweuh-euweuh teing mah te kudu hese nu
penting bageur, pinter, beunghar, keun bae geulis oge.
Bapak ka opat : naon bae langkah-langkah
saba’da nikah ?
waleran nana dawuaha
Alloh dina Al-Qur’an :
“Perlakukeun
istri-istri maraneh kabeh kalawan hade”
Tegesna mah salaki
kudu bisa memperlakukeun istrina kalawan alus atuh salaki teh kudu apal kana
haq jeng kawajiban nana, anu mana kawajibanna teh ngan aya opat :
1. Ngimahan sing
pageuh
2. Makean anu weuteuh
3. Maraban sing nepika
seubeuh
4. Ngendongan sing
nepika reuneuh
Nya kitu deui, Istri
sing apal kana hak jeung kawajibanna.
Anumana kawajibanana
sami aya opat diantarana masak, diwedak, nangkarak, ngadengkak. Tah insya
Alloh, upami duanana tiasa ngalaksanakeun kana tugas jeng kawajiban, bakal
terwujud keluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah nyaeta keluarga anu bahagia,
keluarga anu didasaran ku cinta sareung kasih sayang, cindekna mah ka cai jadi
saleuwi, ka darat jadi salogak, ka cai daraek ngaji, ka darat daraek sholat.
Se ia se kata, se
iring sejalan, runtut raut sauyunan dugika paketrok iteuk, bahkan dugika poe
Qiyamah.
Hadirin
Rohimakumulloh…!”
Supaya ieu dua
mempelai tetep renggenek dina sakinah Mawadah Warohmah sim kuring pesen :
• Sing yakin ieu jodo
teh taqdir Alloh SWT. dihin pinasti anyar pinanggih ti barang saratus dua puluh
dinteun anjeun aya dina patuangan ibu ku Alloh parantos di pastikeun yen jodo
jang……bakal nikah ka neng…. Sing yakin dina hate supaya urang bisa tumarima
kana kapastian Alloh
• Kudu husnudzon (hade
sangka ka Alloh), bahkan ku jodo anu ieu urang bakal pinanggih jeung kabagjaan
hirup,
ku jodo anu ieu urang
bakal nyieun wasilah pikeun ngahontal Mardlotillah.
• Ieu aqad tikah teh
sing jadi pertikahan anu pertama jeung anu terakhir, tegesna panungtungan masa
pacaran, ti kawit ayeuna anjeun duaan lebet kana alam rimbitan, alam rumah
tangga anu dibengkeut ku SSTB (Surat Tanda Tamat Bobogohan) sa ba’da nikah mah
kudu bogoh nyaan.
• Ku aqad tikah indung
bapa urang jadi nambahan nyaeta mitoha, dulur,lanceuk, adi, jeung anu liana
• Ku aqad tikah
jadikeun sarana pikeun ibadah ka Alloh, ngabakti ka Alloh.
Hadirin
rohimakumulloh…!”
Rupina cariosan ti sim
kuring di cekapkeun sakieu bae kirang langkungna mah nyuhukeun dihapunteun,
bobot sapanon carang sa pakan, sasieureun sabeunyeuren mudah-mudahan aya manfa’atna,
anu terakhir ieu panganten urang du’a keun ku sadayana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar