Jumat, 07 September 2012

Narasi


Narasi

Baeu anaking, deudeuh teuing sugan teh lain kitu pamaksudan.
Samemeh ibu jeung mamah amanat ka hidep, ibu jeung mamah menta kasaksi ku kadang wargi katungkulan ku baraya nu biasa oge dulur-dulur anu matuh.
Anaking jimat ibu, mun diukur ku gunung moal aya kabungah ibu ayeuna, pangguar rasa, merelena eusi hate hidep nu dipedar bieu, ku ibu katarima pisan disuhun dina embun-embunan ditampi kuasta kalih, reueus, bagja, deudeuh nu taya papadana.
Anaking bener pisan  caritaan hidep the, ati moal mungkir rasa narima pisan, mungguh mahluk, waruga jalma kumelendang di alam pawenangan ieu dirarangkenan ku dua rupa perkara anu teu weleh papasangan, antara salah jeung bener antara hade jeung goring, pamustungannana babanding nu dipimilik ku diri urang gumantung niat jeung hate urang sorangan.
Hidep mangrupi hiji jirim diri nu ngarandapan, Ibu bagja, bungah amar watasuta.

Anaking puputan ati perkara rasa tumarima jeung pamenta hidep sangkan bapa ngahampura, bapa kacida kagagasna, teu sangka hidep geus bisa nembongkeun hiji ciri yen jalma kudu boga rasa tumarima, rasa rumasa beh dituna rasa tumarima kanu Maha Kawasa, sing gede hate anaking tong boro dipenta dalah dina henteuna pisan ku bapa moal burung dihampura, caang bula opat welas jalan gede sasapuan clik putih clak herang, ngan sawangsulna bapa salila hidep nutur waktu milang kori mapay kahirupan teu bisa nyugemakeun kanu jadi anak. Hampura anaking ! Sakali deui hampura.

Eneng, Asep Anak ibu, Anaking, itung-itung sosonoan nutur catur mungkas carita ibu rek wakca balaka ngedalkeun kabungah, rasa sasieureun sabeunyeureun, sakeprul bakatuleun, malah mandar manfaat keur hidep geusan alaeun jaga

Eneng, Asep Bapa seja wawadi ka hidep omat bisi lilir pikir nyasar lampah ulah leah gancang nyingkah antukna sok tiwas, sing pageuh mideudeuh ka deungeun, sing asih kasasama, sing gilig dina ati, sing tetela manjing rasa, jauh ditumbu ku umur anggang digantaran nyawa, Jauh mo burung cunduk anggang mo pasti kateang, ulah waas ku mangsa, ulah lilir ku wanci, najan lara tumekaning pati puput umur nepi ka kubur, omat hidep ulah jadi cara ka jalan tapi kudu carang ka jalan, ulah kurang akal pedah paanggang ulah leutik pikir pedah patebih. Omat bisi tambelar ka baraya, poho ka purwadaksi, sing inget nu ngajadikeun lantaran ge4larna hidep ka lam dunya. Indung tunggulna rahayu bapa tangkalna darajat.
Anaking, jimat awaking bral hidep diandung ku pangestu di jajap ku pangdu’a dina enggoning ngambah sagara kahirupan, sagara rumah tangga sing panggih jeung kabagjaan.
Anaking ! Cag sakieu heula, Hampura bapa, bral geura miang du’a bapa marengan hidep !

Anaking jimat bapa, mun diukur ku gunung moal aya kabungah bapa ayeuna pangguar rasa, merelena eusi hate hidep nu dipedar bieu, ku bapa katarima pisan disuhun dina embun-embunan, ditampi kuastakalih bapa reueus, bagja, deudeuh nu taya papadana, anaking!
Bener pisan caritaan hidep teh, ati moal mungkir rasa narima pisan, mungguh mahluk, waruga jalma  kumelendang di alam pawenangan ieu dirarangkenan ku dua rupa perkara  anu teu weleh papasangan, antara salah jeung bener antara hade jeung goring, pamustungannana babanding nu dipimilik ku diri urang gumantung niat jeung hate urang sorangan, nya diantarana pikeun ngalelemu kalbu, ngasah akal tarekah iwal ti ku nyorang sakola. Hidep mangrupi hiji jirim diri nu ngarandapan, bapa bagja , bungah amar watasuta. Anaking puputan ati perkara rasa tumarima jeung pamenta hidep sangkan bapa ngahampuara, bapa kacida kagagasna, teu sangka hidep geus bisa nembongkeun hiji ciri yen jalma kudu boga rasa tumarima, rasa rumasa beh diotuna rasa tumarima kanu Maha Kawasa. Sing gede hate anaking tong boro dipenta dalah dina henteuna pisan ku bapa moal burung dihampura, caang bulan opat welas jalan gede sasapuan, clik putih clak herang, ngan sawangsulna bapa oge guru-guru hidep nu sasat ngatik ngadidik di ieu sakola, salila hidep nutur waktu milang koro mapay kelas pastina loba pisan polah ngatik nu karasana teu merenah jeung lelembutan hidep, sepuh-sepuh hidep, hampuara bapa, anaking ! Sakali deui hampura. Ujang nyai anak bapa itung-itung sosonoan nutur catur mungkas papatah, bapa rek wakca balaka ngedalkeun kabungah, rasa sasieureun sabeunyeureun, sakeprul bakatuleun, malah mandar mangfaat keur hidep geusan alaeun jaga.
Bapa seja wawadi ka hidep omat bisi lilir piker nyasar lampah ulah leah gancang nyiongkah antukna sok tiwas, sing pageuh mideudeuh kadeungeun, sing asih kasasama, sing gilig dina ati, sing tetela manjing rasa, jauh ditumbu ku umur anggang digantaran nyawa. Jauh mo burung cunduk anggang mo pasti akteang, ulah waas ku mangsa, ulah lilir ku wanci, najan lara tumekaning pati puput umur nepi ka kubur, omat hidepulah jadi cara ka jalan tapi kudu carang ka jalan , ulah kurang akal pedah paanggang ulah leutikpikir pedah patebih, siar pangalaman najan kudu ngapak mega sup[rih pangarti najan kudu nerus bumi, malah mun isuk jaga ning geto hidep jadi papayung lembur omat bisi tambelar ka baraya, poho ka purwadaksi, sing inget nu ngajadikeun lantaran gelarna hidep ka alam dunya.
Indung tunggulna rahayu bapa tangkalna darajat. Anaking jimat awaking bral hidep diandung ku pangestu di jajap ku pangdu’a dina enggoning nungtut elmu nyuprih pangarti, nyiar luang sing kapetik hasilna kaala buahna geusan mangfaat keur balarea.
Anaking ! Cag sakieu heula,  hampuara bapa ! Bral geura miang du’a bapa marengan hidep !
Muga-muga Allah tinekanan nepangkeun urang di alam pangbalikan.
Bral-bral-bral……………..! Anaking……………………..!



Tidak ada komentar:

Posting Komentar