Naskah Panata Acara (MC Bahasa Sunda)
Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat,
Pangersa Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat,
Pangersa bapa miwah Ibu rawuh teteh oge kakang Alumni SMA Negeri 2 Ciamis
anu ku sim kuring dipihormat,
Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu
maha suci rehna Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah manten-Na , dina danget
ieu urang sadaya dipaparin kasehatan sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya
tiasa tiasa kempel ngarium, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan
dina ieu acara anu ku urang sadaya diantos-antos, nyaeta acara tepang sono
Akbar SMA Negeri 2 Ciamis.
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung
Muhammad SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi
ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na.
Hadirin sadaya hormateun sim kuring!
Nepangkeun wasta pu Siti Nur Azizah Alumni angkatan 1993. Sim kuring
ngadeg cumarios di payuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara
dina ieu acara, nyaeta acara tepang sono Akbar SMA Negeri 2 Ciamis ti kawit
sakola ieu ngadeg dugi ka wanci ayeuna. Sim kuring neda widi tina kaweningan
galih neda jembar setra manah seja nyanggakeun wilujeng sumping ka hadirin
sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, sewu nuhun laksaketi kabingahan.
Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. Mugia sing genah
betah.
Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta :
1. Bubuka
2. Ngaoskeun
ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun solawat nabi
3. Kedal
pamappag ti pupuhu panata calagara tepang sono Akbar
4. Nembangkeun
Nasyid
5. Biantara
pangbagea ti Bapa pupuhu sakola
6. Biantara
pangbagea ti pupuhu OSIS SMA N 2 CMS
7. Biantara
pangbagea ti wawakil Alumni
8. Bewara forum
alumni
9. Do’a
10. Panutup
Hadirin bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring
dipihormat!
Supados teu nyangkolong kana waktos , sumangga ieu acara urang buka ku maos
basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahim..
Mugia ku ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng
rido Allah SWT.
Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek ..... kanggo maoskeun ayat
suci Al-Qur’an dilajengkeun mingpin solawat nabi. Sumangga dihaturanan!
Hatur nuhun ka saderek ...... anu parantos ngaoskeun ayat suci
Alqur’an sareng mingpin solawat nabi, Tos lami acara tepang sono ieu di
antos-antos, urang sadaya paturay tineung saparantos sakola tilu taun lamina
nungtut elmu di SMA 2. Emut ka sakola, emut ka rerencangan saparakanca, emut ka
bapa sinareng Ibu guru. Tangtos moal hilap.
Acara Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti bapa pupuhu sakola. Sumangga
kersana Bapa H. Endang Rachmat A. M.Pd. dihaturanan
......
Hatur nuhun ka Bapa H Endng Rahmat anu parantos ngadugikeun biantara
pangbageana. Pamugi rupi-rupi piwejang sareng pepeling anu nembe didugikeun ku
anjeuna, sing janten ranggeuyan mutiara, pibekeleun urang sadaya enggoning
ngawangun kahirupan anu dipikahoyong.
Salajengna sumangga urang ngabandungan deui biantara pangbagea anu bade
didugikeun ku pupuhu osis. Sumangga saderek Yogi K.P dihaturanan.
.........
Hatur sewu nuhun ka pupuhu Osis SMA n DUA Ciamis anu parantos ngadugikeu
biantara kalayan singget mung teges maksadna.
Acara salajengna nyaeta biantaa pangbagea ti wawakil Alumni. Sumangga
kersana bapak Sudrajat, dihaturanan.
Hatur sewu nuhun ka Bapak Sudrajat anu parantos ngadugikeun sababaraha
kecap anu janten wawakil eusi tina manah alumni.
Hadirin sadaya hormateun sim kuring!
Saparantos ngabandungan biantara pangbagea, urang kupingkeun hariring
nasyid anu bade dipintonkkeun ku group nasyid SMA Negeri 2 Ciamis anu janten
kareureueusan di sakola SMA Negeri 2 Ciamis. Sumangga dihaturanan!
........
Hatur nuhun ka group nasyid SMA Negeri 2 Ciamis anu parantos maparin
hariring nasyid anu kacida halimpuna. Alhamdulillah Group Nasyid ieu teh tos
janten pinunjul dina lomba Nasyid sapriangan Timur. Mugia group Nasyid SMA
Negeri 2 Ciamis langkung mekar, nyandak nami SMA Negeri 2 Ciamis langkung
seungit. Amin ya Allah ya Rabbal ‘alamin.
Hadirin sadaya, sateuacan nincak kana acara inti, urang susun heula panitia
forum Alumni dilajengkeun bewara hasil panyusunan. Sumangga pupuhu forum
Alumni, Bapa sudrajat dihaturanan!
.....
Alhamdulillahirabbil A’lamin panitia forum Alumni parantos diwangun, ku
kituna tiasa langkung gampil upami ngayakeun deui acara reuni.
Hadirin sadaya, cunduk waktosna kana acara anu diantos-antos ku sadayana
nyaeta sawala antawis alumni pikeun kenging hiji kamufakatan anu bade
dipingppin ku moderator. Sumangga kersana ibu Ramni dihaturana!
.......
Hatur nuhun ka Ibu Ramni anu paratos mingpin sawala, alhamdulillah urang
sadaya parantos kenging hiji kamufakatan.
Bapa miwah ibu, kalih hadirin alumni sadaya anu sami rawuh!
Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka acara pamungkas
nyaeta ramah tamah. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu acara ku du’a.
Sumangga bapa Ustad Mahmud Ramli dihaturanan kanggo mingpin du’a
............
Hatur nuhun ka kersana bapa Ustad Mahmud Ramli anu parantos mingpin du’a,
mugia du’a urang sadaya di kobul ku AllaH swt. Amin.
Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil
‘alamin.
Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun
ka rerengrengan panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal
pikeun ngalancarkeun acara ieu, mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS SMA
Negeri 2 Ciamis di wales ku Alloh SWT. Amin. Hapunten bilih aya basa anu
lkirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia
kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr.wb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar